Selasa, 15 November 2011

Ukur jadi kalangkang


Bulan ukur jadi kalangkang...
dina peuting ngabangingik....
jadi tumbal dina réwuan juta lampu nu moncorong...
Beureum, konéng ngagindingan kota, sawaréh lalumpatan di jalan-jalan patakonan. Ting garerung bari ting sérépét meupeus lamunan. Langit beuki alum némbongkeun kaceuceub. Kuring beuki anteng ngelun-ngelunkeun haseup filter, sumarambah ngalimpudan jomantara. Nyéh, bulan seuri basa kuring ngajak sasalaman, ngajak ulin lulumpatan dina kecap-kecap nu ngawangun puisi…

0 comments:

Posting Komentar

Template by:
Free Blog Templates